Kiwari (Puisi)

Kiwari

Karya : Anavaa


Sunda nu dicinta
Ngebréhkeun rasa nu taya hartina
Euweuh nu disangkal deui
Nonoman kur saukur jentul na
Boa aya nu apal hartina astana
Meureun pikirna wangunan megah jeung emas eusi na
Boa aya nu apal hartina waruga
Pikirna kur nepi ka warung jajanan ala Korea
Réngkak paripolah Siga anu enya
Padahal otak taya eusi na
Kekinian caritana
Basa indung jadi korbanna


                                                                                                          


 Tasikmalaya, 27 Desember 2019

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Munafik